x

Menu

x

Koleksi Saya

Nu Waras Nu NgelehanArtist : Demons Damn


Ti dulur bisa jadi batur
silih salahkeun silih tuduh
sangkan hirup jeung batur
mangka sing hade ngalaku jeung ngalampah 
ulah ngarasa pang benerna
ulah ngarasa nyaho sagala

kajeun dinyenyeri,kajeun di jejele
urang kudu jembar hate,bales kunu hade
kajeun dinyenyeri,kajeun dijejele
urang kudu jembar hate,bales kunu hade

anu waras nu ngelehan
tong miceun tanaga keur nu teu guna
kukut kanyaah ulah ka aral
hirup lain saukur didunya
anu waras nu ngelehan,ulah nunutur ego
sangkan urang hirup tenang,
sing rea neangan balad

kawani lain ku tanaga
kawani lain ku amarah
jelema pinter (nu) jembar rasa
ngarasa leutik (ngajaga) harga diri
kaduhung dirasa lain ku sasaha
luhungkeun elmu jembarken kahadean

kawani lain ku tanaga
kawani lain ku amarah
kaduhung dirasa lain ku sasaha
luhungkeun elmu jembarken kahadean

manusa rea dosa,kudu rea ngahampura
silih ngajaga jang kahadean balarea

kajeun dinyenyeri,kajeun dijejele
urang kudu jembar hate
bales kunu kade
kajeun dinyenyeri,kajen dijejele
ngahampura lain eleh
ngahampura lain ipis burih
ngahampura lain eleh
ngahampura lain ipis burih