x

Menu

x

Koleksi Saya

Tahu SumedangArtist : Jafunisun


Tahu Sumedang, tahu nu matak sono
Ceuk kuring can aya anu bisa ngelehan
Tahu Sumedang, tahu nu pang raosna
Komo dicengekan, komo lamun disambelan

Ngeunah ceuk murangkalih, ceuk nu kolot, ceuk nu ngora
Ti peuting nepi ka hayam kongkorongok, anggeur ngeunah ah ah..

Ceuk saya.. Tahu ieu anu ngeunah
Ceuk saya.. Tahu nu pangraosna
Ceuk saya.. Nu ieu karasa gurih
Ceuk saya tahu na teh matak hade

Sanes harewos, karasa ku sorangan
Nu ieu can aya anu bisa ngelehan
Tahu Sumedang, tahu nu pang ngeunahnana
Erek disanguan raos oge ditambulan

Ngeunah ceuk murangkalih, ceuk nu kolot, ceuk nu ngora
Ti peuting nepi ka hayam kongkorongok, anggeur ngeunah ah ah..

Ceuk saya.. Tahu ieu anu ngeunah
Ceuk saya.. Tahu nu pangraosna
Ceuk saya.. Nu ieu karasa gurih
Ceuk saya tahu na teh matak hade, matak hade..