musiklib

Getih Jang Getih

Artist: Jasad


Modar anjing!

Mereun geus kuduna, mereun geus tidituna
Hirup jadi hinaan, harga diri jadi kekesed

Lain sakadar ngewa, lain oge kur ijid
Tapi ieu kanyeri moal pupus ku waktu

Getih nu ngocor kudu kabayar
Hutang getih di bayar getih

Cunuk kana mangsana, ninggang kana waktuna
Pikeun ngabales kanyeri, pikeun ngabayar kangewa

Hutang uyah dibayar uyah
Hutang getih dibayar getih

Sanghareupan aing! Lawan aing!
Montong ngejat! Montong nyingkah!

Montong lumpat, ieu aing!
Montong birat, ieu aing!

Lumpat kamana, ingkah kamana, moal burung di udag
Elmu naon, jurus naon, kabeh di tadang
Urang mana, anak saha, aing moal make jeung sieun
Mun aya kawani, mun aya burih
Sanghareupan aing rek balitungan

Papatkeun kabeh jampe pamake
Ketrukeun kabeh elmu panemu
Pek asah kabeh pakarang maneh
Sok bawa mun maneh boga balad
Aing moal gimbir, kabeh ditadang ku aing
Aing moal nyingkir, kabeh ditadang ku aing

Sambat ngaran kolot, memeh dipapag ku pati
Montong babacot, rasakeun ieu peureup
Prak geura ngadu\'a memeh kuburan digali
Montong babacot, montong oge balaga
Sabab ieu peso nu bakal jadi pamapag ajal panangtu pati

Modar anjing!
Modar anjing!
Modar anjing!

Lagi ini bikin kamu merasa:

Lagu ini cocok didengerin ketika:

Lirik Lagu Jasad Lainnya

Semua Lagu Jasad

Rekomendasi

Koleksi Saya

Belum ada lagu dalam koleksi

Cari Lagu

Ketik untuk mencari lagu...

Video: Getih Jang Getih - Jasad

Video ini diambil dari YouTube. Dukung artis dengan menonton dan berlangganan channel resmi mereka.