x

Menu

x

Koleksi Saya

Tribute To Bandung Keur PersibArtist : Kungpow Chicken


REFF:
Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

yeuh ieu geura tempo di bandung kiwari macet
tiap liburan loba nu ka factory outlet
tong sok ngariring bingah ngarilu da urang mah lain semak maning ge cicing di imah Oy..
Karuna ka pa timur baroko sebagai kapolda ngurus anak buah na ngatur jalanan anu pinuh dimana-mana Oy...
bahkan boga gubernur anyar pak ahmad heriawan jeung si kasep kembaran urang wagub dede yusuf
tapi keheula maneh tong waka protes heula mun ngadenge keung lagu ieu siga jumper naon da ieu mah adaptasi tina manuk dadali na aki sambas nu leupas entep na teras Circle K hey...
eta toko balatak dimana-mana barudak ngora mani betah gogoleran di hareup na...
pa dada rosada gogodeg kana kalakuan barudak ayeuna
ari babasaan teh mani kudu aya ujung na anying...

Lain maraneh teh urang sunda
karek sakali ka jakarta bae ge mani balaga
ngageroan aing mani kudu make 'kamana sob?'
emang ngarn aing teh sobarna
bari jeung ditambahan ku bahasa gokil
tuh tempo loba pisan lalaki centil di jalan veteran
geus nyaho sarua lalaki tapi angger keneh kalahka diheureuyan
kade mun naek angkot cicaheum,ciroyom,daerah di pati ukur loba copet neangan hape jeung dompet
alesan na pura2 utah jeung suku na kerem, mun kapanggih deui jeung nu kitu.. kepret!!

REFF:
Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

Kang ibing kiwari tos sering sibuk dakwah bari ngungurus domba galing
kamana ku sumbar tos lami teu nembang deui di kota kembang
nyeri hate es lilin peyeum bandung tinggal dina lagu
da ayeuna mah malah brownies nu di teang ku semak ti dieu ti ditu
hayang gaul ngopi heula anu nyaho sagelas 20 rebu
sugan teh sarua jiga di warung ceu yeti 2 rebu menang kopi susu
rumasa sim kuring goreng patut jadi mun lapar langsung melesat dahar di cemar
'kasep sareung naon wae emam na?'

mun dahar di gardu jati wengi-wengi sok pajarkeun tos ti pasantren nu hareupeun gang na aya pos polisi
aneh loba pisan jalma anu resep nangkring di jalan layang
tetempoan ka handap jiga nu ker nempo beruang di kebon binatang
ayeuna loba jembatan penyebrangan da atuh teu resep nyebrang na di jalan
soalna bisa nyebrang bari ngaca di kaca mobil susuganan di jerona aya nu geulis ngadadahan
Wuh... duh emen... heh pamali kang emen gitu... eh heeuh nya atuh punten.. kang... emen...

REFF:
Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

Tong saukur ngimpi jadi juara buktikeun mun bisa juara
jiga baheula inget ka kang ade hudaya, ajat sudrajat, jeung robi darwis
ngulik bola di lapangan ngagiring bola ka gawang
ku robi darwis di oper ka ajat sudrajat
ku ajat di oper ka robi ku robi di oper lagi ka ajat deui
ku ajat dioper deui ka kang robi, nya atuh kang robi na ambek2an dan kang ajat na kacapean
soal na ngan duaan nu maen di lapangan
tapi mun ayeuna aya kiper tema mursadat sok ngadat
mun bek na maman, nova, jeung nyek nyobe ngajaga na telak
tim gelandang aya lorenzo cabanas, eka ramdani, atep jeung hariona
tapi eta zaenal arif kamana? umpan ka hereup aya hilton moreira, bastos diantos gol na
cristian sanes ronaldo tapi gonzales ka kang airlangga mangga asupkeun gol na
haji ungu sareung pa jaja sutarja tong hilap bonus na
terakhir kanggo kang jaya hartono, mun aya nu protes tong diwaro

REFF 2x:
Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

mangga nyanggakeun kang abdul timberlake

Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda

mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol Tajong gol Tajong
mun ceuk urang persib ceuk maneh juara
persib juara persib
mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol
Tajong gol Tajong gol Tajong