x

Menu

x

Koleksi Saya

Ka BulanArtist : Nining Meida


Mun pareng nincak ka bulan,
Hayang mawa nini aki jeung baraya,
Moal rea barang bawa,
Nu di bawa ngan samping eujeung kabaya,
 
Hayu batur sararea,
Di bulan engke urang nyieun nagara,
Bisi urang rumah tangga,
Boga budak tong loba siga di dunya,
 
Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya,
Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara,
Mun rek mandi ngahaja kumpul baraya,
Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata,
 
Mun pareng nincak ka bulan,
Hayang ngaronjatkeun budaya sunda,
Ketuk tilu jaipongan moal leungit
Sanajan pindah ka bulan,
 
Mun pareng nincak ka bulan,
Hayang mawa nini aki jeung baraya,
Moal rea bari barang bawa,
Nu di bawa ngan samping eujeung kabaya,
 
Hayu batur sararea,
Di bulan engke urang nyieun nagara,
Bisi urang rumah tangga,
Boga budak tong rea siga di dunya,
 
Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya,
Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara,
Mun rek man di ngahaja kumpul baraya,
Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata,
 
Ka bulan urang ka bulan,
Ka bulan urang ka bulan,
Ka bulan urang ka bulan,
 
http://liriksunda.blogspot.com/search/label/Nining%20Meida%20S